Minggu, 01 Maret 2009

Bubuka

Assalmu'alaikum Wr.wb.
Wilujeng sumping sareng wilujeng maca ieu naon rupi anu parantos di tulis ku pribados, nepangkeun pribados warga asli Indonesia, sareng asli urang sunda anu hoyong ulu biung dina kutak-ketik etang-etang ngisi waktos anu dimana upami nuju nyalse atanapi teu aya padamelan.
maklum jalmi penganggur kumaha da ayeunamah sesah pisan hoyong di damel teh, ari padamelan mah seueur mung di damel bari dibayar, upami milari padamelan wungkulmah seueur malihan sanes seueur deui Eur..we pokonama, ajrag-ajragan bari seuseurian ge padamelan mung etamah padamelan jalmi anu nuju hareeng, tah dari pada ngalamun nya pribados hoyong kutak-ketik dina internet anu di sa yogikeun secara haratis!! alias henteu mayar, lamun mayarmah timana tos terang pribados jalmi nganggur, nu teu gaduh penghasilan anu tetep, nya daripada sare atawa ngagere ceuli mending ngeusian waktu anu matak manfaat sugan jeung sugan aya nu maca, mangfaat istilah zaman ayeuna mah itung-itung curhat we..!!.
tah kumargi kitu pribados teh asa ka hudang salakku urang sunda anu parantos maca blogna urang sunda anu ku pribados di baca, leres pisan eta naon rupi anu dibahas kunu janten penulis, sanes teu aya, urang sunda mah seueur mung panginten dina ngadamelna nganngge bahasa nasioanal alias bahasa Indonesia, muhun sanaos kitu leres urang salaku urang sunda anu janten salah sawios suku pangseueurna di Indonesia ulah dugi ka hilap komo sampe ngaleungitkeun jati diri urang sunda anu kacida beungharna dina budaya, seni, bahasa jeung sajabana. urang resep kana kamajuan jaman tapi pilih mana anu sifatna mangfaat tur bisa ngajadikeun urang maju, tapi anu sakirana matak ngaruksak mah montong, da seueur pisan ayeunamah hal-hal anu datangna duka timana anu ngaruksak kana jati diri urang sunda boh budaya atanapi bahasa jiga nu gengsi upami nyarios ku bahasa sunda atanapi diajar kasenian sunda, contona :
"pribados gaduh pun Ua anu janten Dalang Wayang Golek anu mangrupikeun hiji kasenian urang sunda dina jaman ayeunamah eta pun Ua ngadongeng cenah kapungkurmah upami aya pentas wayang golek atawa penca silat da anu lalajo teh kacida lobana,ieu hiji bukti resep keneh kana kasenian atawa budaya sunda, da ari ayeuna saur pun ua eta we cacakan ngayakeun ku jalan ngamodal sorangan nabeuh di lapang anu aya di lembur da lapur anu lalajo atawa anu resep geus kurang paling eta oge anu hadir teh bangsa kolot jeung aki-aki, pun Ua Gogodeg. pribados teu tiasa nyarios da memang eta kanyataan.
beda jeung tubah-tabeuh kasenian anu datangna ti bangsa deungeun dan kawas sireum, ari kanggo pribados masalah eta mah tergantung karesep tapi rek resep kumaha kana kasenian jeung kana budaya urang sorangan lamun urangna teu leukeun ngawawuhkeun kana kasenian jeung kabudayaan sorangan, pan aya laguna duka lagu saha ngan pernah ngadangu anu kieu ceunah "tak kenal makanya tak sayang, tak sayang makanya tak cinta".
tah lamun nyokot kana eta lagu kaharti pisan rek cinta kumaha lamun teu wawuh jeung teu resep. pan urang ge kitu kakabogoh atawa ka istri atanapi ka caroge, ngawitan tepang teras kenalan teras caket salajengna pan janten dambaan, bagian tina hate urang.
kanggo salajengna perkawis ieu ku pribados di sambung margi pribados seueur pangawegah janten bade usaha heula milarian sapiringeun supados tiasa ngetik upami jagjagmah. sareng hapunten anu kasuhun wening galih anu di pamrih, bilih dina ieu bacaan aya cariosan anu kirang raos di baca margi pribados sanaos urang sunda tapi tata bahasa anu leres sareng anu sae mah teu acan tiasa seueur, pribados mung tiasa ngangge bahasa sadidinten supados lancar ulah janten pabaliut matak lieur anu maca. sakali deui hapunten sareng hapunten
wassalam

Kamis, 26 Februari 2009

SILIH ELINGAN

KANGGO SOBAT

Sakabeh jalma aya dina kaayaan rugi saupama teu ngeusi waktu na ku pagawean alus (ibadah ka Allah SWT)

Dina AL-QUR'AN

AL 'ASHR (MASA)

SURAT KA 103 : 3 ayat

HARTINA :

1. Demi waktu.
2. Saenyana manusa eta bener-bener aya dina Karugian,
3. Kacuali jalma-jalma anu ariman Jeung migawe amal soleh jeung silih elingan dina kataatan
kabeneran jeung silih elinngan supaya tetep aya dina kasabaran

Saupami ninggal sareng nalaah surat anu aya di luhur, memang urang sadaya salaku manusa bakal pinanggih jeung karugian saupama teu loba migawe amal anu soleh tur ibadah anu ikhlas karana Allah, sarta sili elingan dina jalan kahadean komo di jaman ayeuna, aduh... kurang-kurangna tong boro teu di elingan cacakan di elingan tetep neugtreug, sanajan maranehna nyaho jeung apal yen eta teh pagawean anu salah jeung ngalanggar, nupenting asal seubeuh, nupenting asal laksana sagala rupa di pigawe teu ngitung jeung teu inget kana halal jeung haram, nupenting hasil pamaksudan.
komo keur golongan jalma anu hirupna loba ngimpi, anu hayang beunghar ngadadak sagala rupa di rumpak sagala di lakukeun teu merhitungkeun halal jeung haram, asal hirup bru dijuru, bro di panto, buncir leuit loba duit maranehna teu inget yen ieu hirup teh bakal pinanggih jeung balitungan, tanggung jawab naon rupa anu geus di pigawe di ieu alam dunya....marukana kumaha pangadilan nu Maha Kawasamah lain model pangadilan di alam dunya urang bisa nyewa pangacara tur bisa nyieun ekol, lintang amal jeung pagawean anu ngajadikeun urang cilaka jeung bagja !. Hirup di alam dunya paling lila puluhan taun eta ge mun panjang umur coba kumaha upami pondok? rek kamana, rek kasaha menta tulung saupama Malaikat Ijroil nyampeur, coba bandingkeun jeung kahirupan di akherat anu euweuh tungtungna, anu langgeng...iiih..eta teh mangkaning geus bagian urang sadayana boa isuk boa pageto urang pinanggih jeung maot.
Urang beunghar can tangtu, tapi maot geus pasti bakal kaalaman, urang teu kabeh boga gelar insinyur (Ir) , dokter (Dr/dr), atanapi propesor (prof), jeung sajabana tapi pasti urang sadayana bakal gaduh gelar anu namina (Alm) atanapi almarhum tea, yaeta gelar keur jalmi anu parantos maot, tah aya gelar anu teu kedah lebet ka perguruan tinggi nyaeta gelar (Alm) mangrupi gelar anu parantos di jatahkeun keur jalmi anu masih kumelendang dialam dunya.
Bilih aya anu nepangan sareng maca ieu "blog na kutak-ketik urang sunda" mangga pribados nampi sadaya pepeling ti dulur sadayana, dina jalan kasaean.
Jalan kahirupan anu memang teu tangtu kadang mun keur seuri cape seuri mun keur ceurik cape ceurik kitu saur kang doel dina laguna. marukana nyinghareupan kahirupan di jaman ayeuna kurang-kurangna sabar mah aduh....!! paingan loba jalma anu stres, loba nu teu eling ngadadak da eta meureun hirupnana teu sabar jeung lemah kayakinan kanu kawasa, sahingga pikiran anu loba ngalamun kumalayang kamana karep nepi ka uteukna koslet, ari parantos koslet mah kumaha pan riweuh aya mobil ngaliwat ge di baledog, tungtungna anu tadina miharep hayang hirup senang jadi sabalikna ngagoler ge dimana wae, daharna tina wadah runtah tah kumargi kitu, pigawe anu aya tarima keun anu aya jeung syukuran kanu kawasa tina sagala ni'mat anu parantos katampi utamina ni'mat Iman jeung Islam, ni'mat sehat tah ieu nu mindeng kapopohokeun, kakara inget mun geus gering kakara sadar mun geus ka rumah sakit, da lamun keur jagjag mah tara inget, salah sawios ieu ni'mat sehat anu kalintang ageungna anu kudu ku urang disukuran kanu Kawasa, teu ageung kumaha mangga angkat ka "rumah sakit" ti mimiti anu ka cugak dugi ka anu mung tiasa engap-engapan kantun ngantosan jemputan sadaya miharep supaya enggal sehat jeung rela mayar sabara oge asal sehat, tah gening...sehat teh awis pisan sanaos urang henteu sagala aya henteu bra, bru kakayaan sanaos nu bra-bru teh seuseuheun wungkul tapi urang sehat, aduh bagja pisan pan upami nuju sehatmah sanaos tuang sareng lalab di colekeun kana sambel anu mangkukna ge raos, pek anu gering sangu haneut jeung daging atawa jeung deungeuna anu ngarareunah ge tetep moal ni'mat, da nudaharna keur kaayaan gering tapi mun keur sehat, uyah sareng pecin di tinyuh ku cai panas ge asa sop, eu mangrupi pangalaman anu karaos ku pribados, pribados sok ngaroko upami tos tuang da ni'matna kacida tapi upami nuju teu raraos ngaroko anu ber merek ge diseuseupna asa batnyamuk, da pribados na nuju kirang sehat.
hapunten kahoyong ageung katiasa teu aya pribados teu tiasa ngangge tata basa anu sae pamugi tiasa ngamaklum.

AWALAN SADAYA PADAMELAN SAE KU NGUCAPKEUN ASMANA ALLAH NUMAHA WELAS TUR MAHA ASIH
SARENG UCAPKEUN SALLAM KASADAYANA DULUR URANG NYAETA MUSLIM






KANGGO SOBAT DIMANA WAE AYANA